Selasa, 11 September 2012

malin kundang

nama : dea desiani sundara
npm  : 180210110027
tanggal tugas : 11 september 2012

                                MALIN KUNDANG

   Dina hiji mangsa, di desa anu leutik aya hiji kulawarga anu nyicingan pasisir laut Sumatera Barat. Tapi kusabab kulawarga eta hirup na malarat, bapa na lalayar ka nagara sejen keur neangan duit, tapi bapa na ngampleng teu balik-balik ka lemburna, kusabab eta ema na kudu ngagantikeun bapa na neangan duit.
   Malin kaabus ank anu pinter hanjakal rada-rada bagor. maneh na sok ngungudag jeung ngagebug hayam make sapu. Dina hiji poe Malin keur ngungudag hayam, manehna titajog kana batu, kusabab eta leungeun na raheut.urut labuh na kuatka tapakan teu bisa leungit.
   Kusabab karunya ka ema na tisusut tidungdung neangan duit keur biaya hirup na, Malin mutuskeun rek lalayaran neangan duit sangkan jadi jalma beunghar.
   Mimitina mah ema Malin Kundang teu ngizian, kusabab inget ka bapa na nu teu balik-balik ka lemburna.
tapi kusabab Malin keukeuh hayag indit tungtung na mah si emang ngizinan si  Malin indit. Malin Kundang indit lalayar milu ka kapal jalma nu beunghar. Salila di kapal Malin loba di ajar elmu palayaran ka anak buah kapal anu geus pangalaman.
   Tapi dina hiji poe kapal eta diserang ku bajak laut. kabeh dagangan na di rampog, anak buah kapal di barunuh, Untung na malin Kundang bisa nyumput ti bajak laut eta,
   Malin Kundang, luntang lantung teu puguh di tengah laut. Teu lila malin nyasar dina hiji pulau. Di pulau eta aya desa anu kacida subur na, kusabab katulatenan Malin dina digawe Malin Kundang jadi jelema beunghar. Sanggeus beunghar Malin kawin jeung hiji wanoja.
   Beja Malin jadi beunghar jeung geus kawin nepi ka ema di lembur.Ema na ngaraa bungah anak na geus sukses. Saprak eta ema na sok datang unggal poe ka palabuhan, nungguan anakna balik ka lembur.
   Sanggeus lila kawin, Malin jeung pamajikan na lalayar dikawal ku anak buah kapal anu kacida loba na. nempo datang na kapal eta, ema na yakin yen eta teh Malin jeung pamaijkanana.
   Ema Malin ngadeukeutan ka kapal, sanggeus deukeut ema nempo urut raheut dina leungeun malin, kusabab eta ema yakin yen jalma eta teh anak na. "Malin Kundang anak ema, naha maneh teh meni lila indit teh, mana teu mere beja ka ema?", ceuk maneh na bari nangkeup Malin Kundang. Nempo kolot anu kotor jeung kucel nangkeup manehna, Malin Kundang ngagedur ambek, padah Malin nyaho yen awewe eta teh ema na. Malin ngarasa era ku pamajikan jeung anak buah na.
   Dikitu-kitu ku anak na, maneh na ngarasa ambek, kusabab teu nyangka yen Malin geus robah jadi ank anu doraka ka kolot. Terus we Malin jeug pamajikan na lalayar deui rek balik. Di jalan rek balik datang hujan angin dor dar gelap anu ngancurkeun kapal Malin. Sedengken ema na keur ngado'a di lembur na. Kusabab kacida ambek na, ema Malin ngagorowok "Duh gusti! Lamun bener jelema eta nak kuring si Malin Kundang, ku kuring kutuk jadi batu!!!"
   Sanggeus eta awak Malin Kundang alon-alon jadi batu karang. Nepi ka ayeuna batu Malin Kundang bsa di tempo di pasisi Air Manis,di palebah kidul kota Padang, Sumatera Barat.

Referensi : http://id.wikipedia.org/wiki/Malin_Kundang

Kasih Tak Sampai


Begitu tinggi dinding itu
Sulit ku taklukan pertahanan hatimu
Untuk ku gapai mahligai cintaku
Tak dapat ku raih bahagiaku

Hanya bertahan dalam dilemma
Tak berharap lebih dari yang ada
Bagiku kau bagai bintang di surge
Terlalu indah untukku meraihnya

Ya Allah ihklaskan hati
Buka hatiku agar bisa memahami
Ihklasnya hatiku dalam mencintai
Tegarkan hati melepaskanmu pergi

Kita bagai bulan dan matahari
Tak bisa bersatu walau satu hati
Indah cintamu....
Hanya bisa ku gapai dalam mimpi